Wapres Gibran: UU Perlindungan Anak Ulah Jadi Pakarang Narajang Guru

Jakarta, Kiwari.co.id – Wakil Presiden RI Gibran Rakabuming Raka nyorot kriminalisasi guru mangsa rakor reujeung Kadisdik sa-Indonesia. Gibran ménta Undang-Undang (UU) Perlindungan Anak téh ulah dijadikeun pakakas keur kriminalisasi guru.
Awalna mah Gibran téh nyarita kakait sakola anu kudu jadi tempat aman pikeun murid sakaligus guru. Inyana ménta ulah aya deui kasus kakerasan, bullying, nepika kriminalisasi guru téh.

“Sekolah harus jadi tempat yang aman dan nyaman bagi guru dan para murid, jangan ada lagi kasus kekerasan, bullying, jangan ada lagi kasus kriminalisasi guru, ini salah satu contoh contoh yang ada sekarang,” ceuk Gibran mangsa méré pangarahan di Hotel Sheraton, Jaksel, Senén (11/11/2024).

Satuluyna Gibran nyatur kakait UU Perlindungan Anak. Inyana nyebutkeun yén éta UU téh ayeuna mah kalah digunakeun pikeun ngakriminalisasikeun guru.

“Sudah ada UU perlindungan anak, tapi jangan UU ini dijadikan senjata untuk menyerang para guru,” pokna.

Dumasar kana éta hal, Gibran ogé ngusulkeun perelu ayana UU Perlindungan Guru téh. Sahingga, ceuk inyana, guru téh bisa genah betah tur tumaninah enggoning ngawarah tanpa kudu rémpan dikriminalisasikeun.

“Ke depan perlu kita dorong juga UU Perlindungan Guru, jadi guru bisa nyaman, guru punya ruang mendidik dengan cara disiplin tapi harus ada UU dan perlindungannya,” pokna.

 

Ropéa basa: Agus Rohmat

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan