Warga Dipénta Iatna, Pasca Turun Hujan Jalan Maribaya Nuju Désa Cibodas Lembang Katutup Leutak

Lembang, Kiwari.co.id – Hujan geus mimiti remen turun kalayan ngagebrét ngaguyur sakuliah Kabupatén Bandung Barat. Teu kaliwat wewengkon kacamatan Lembang jeung sabudeureunana ngabalukarkeun Jalan Maribaya ngahubungkeun antara Désa Cibodas jeung Désa Langensari, kalimpudan leutak, Rebo 15 November 2023.

Dumasar kana panengetan di sababaraha wewengkon di Lembang, hujan ngagebrét téh mawa material taneuh tur amalayah di jalan raya.

Sedengkeun di Jalan Maribaya, aya di sababaraha titik jalan kasaput leutak tur éta téh kacida ngabahayakeun pikeun para pangandara anu lalar liwat di jalur éta.

Sababaraha jalan anu kalimpudan leutak téh, diantarana di jalan Maribaya nuju arah Cicalung, Désa Wangunharja jeung nuju arah Désa Cibodas jeung Suntenjaya.

Pikeun nyegah kajadianana kacilakaan tatali marga balukar jalan kaleutakan, Kepala Désa Cibodas Dindin Sukaya langsung turun ka lapangan pikeun méré béwara sangkan warga anu ngaliwat bisa iatna.

“Iya jalan tertutup lumpur dan kami turun untuk mengantisipasi terjadinya kecelakaan karena jalan sangat licin.” pokna mangsa ditalék ngaliwatan telepon.

Inyana nambahkeun, leutak anu kairid cileuncang lain alatan lemah urug tapi material taneuh kairid cai tur palid ka jalan.

“Jadi bukan karena longsor tapi memang air yang membawa material tanah dan limpas ke badan jalan,” bébérna Dindin.

Inyana ngaku yén pikeun nyingkahan hal anu teu dipiharep, Dindin geus koordinasi jeung UPT Damkar Lembang tur ménta sangkan dilakukeun pangberesihan material leutak anu nyaput jalan.

“Kami menunggu damkar yang saat ini masih dalam perjalan,” caturna Dindin.

Dindin miharep ku dilakukeunana pangberesihan nggunakan cai téh mangka material taneuh anu nutupan beungeut jalan bisa langsung lening. Sahingga kondisi jalan normal deui tur langsung bisa diliwatan warga kalayan aman katut genah.

“Kita akan semprot pake air dengan menggunakan bantuan kendaraan damkar agar pembersihan bisa dilakukan dengan cepat dan tidak keburu terlalu malam, karena di lokasi lumayan gelap,” pungkasna.

Kontributor : Agus Rohmat
Ropéa Basa : RB

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan