WASIAT BAPA

“Nyi, sing kuat, tong tinggal istigfar, mugi Allah ngalancarkeun Babaran Nyai,” Kang Darma terus méré sumanget, ka Ceu Éha nu rék ngalahirkeun budak nu ka tujuh.

“Nyai, tos teu kuat, Kang. Tanaga Nyai tos suda. Nyai pasrah ka Nu Kawasa, mun ayeuna Nyai kudu mulang ka alam kalanggengan. Ngan Nyai, hoyong, si bungsu medal heula,” Nyi Éha nyarita haroshos di sela-sela rénghapna nu beuki beurat.

“Sok, Nyi ngaheujeun deui, kuatkeun ulah nepi ka eureun di tengah jalan!” Ma Paraji nitah Ceu Éha ngaheujeun deui.

“Bis..millah..” ceu Éha ngucap Bismillah, bari narik napas terus ngaheujeun deui.

Panon Bi Éha burial buncelik, teu lila mureleng ka luhur.

“A..llohu..Akbar!”

Teu lila panonna peureum, awakna nu tadi ngaheujeun ngaleuleusan, ahirna ngulahék teu obah deui. Nyawa ninggalkeun dua raga. Ceu Éha puput umur lantaran teu kuat ngaluarkeun jabang bayi nu aya dina kandunganana.

Budak katujuh Ceu Éha jeung Kang Darma teu kungsi medal ka alam dunya.

Teu kabayangkeun, kumaha sedihna haté Kang Darma, kudi ditinggalkeun maot ku Ceu Éha jeung budak katujuhna.

Nya kitu deui budak-budakna nu genep, pating kocéak bari ngarubung nu jadi indung jeung adina nu ngajepat dina kasur bari jeung guyang getih.

Layon Ceu Éha dipulasara sakumaha mistina nepi ka dikuburkeunana di pajaratan kulawarga. Dianteur ku cipanon Kang Darma jeung kagenep budakna.

Peutingna di imah Kang Darma ramé ku nu tahlilan diteruskeun ku ngaji nepi ka wanci subuh nepi ka poé katujuh.

Kacida ngarumasna pikeun Kang Darma ti barang euweuh Ceu Éha. Ngurus budak genep. Tapi Kang Darma teu ngarasula. Manéhna yakin, naon nu kaalaman ayeuna, kabéh geus takdir Allah. Manéhna iklas narimana, turta jangji rék ngurus kagenep anakna nepi ka jaradi jalma nu saroléh jeung solehah.

Harita poé Kemis, poé ka opat puluh mulangna Ceu Éha ka alam kalanggengan. Peutingna diayakeun tahlilan. Imahna pinuh ku nu tahlilan, malah nepi ka buruan. Tas tahlil terus ngalobrol, itung-itung ngahibur nu ditinggalkeun.

Méh ampir tengah peuting Kang Darma kakara bisa saré. Dina saréna, Kang Darma ngimpi panggih jeung Ceu Éha.

“Kang, Alhamdulillah putra urang tos medal, pameget, kasép, cahayaan. Akang énggal geura nikah deui ngarah aya nu ngurus barudak,” kitu omongan Ceu Éha dina ngimpina Kang Darma.

Kang Darma ngoréjat reuwas. Teu karasa cipanonna merebey mapay pipina.

Parat nepi ka isuk teu bisa saré deui. Impian peuting tadi kaingetan baé dina pikiranana.

Réngsé salat subuh, mawa budak nu bungsu, Darma indit ngagandong si bungsu, nuju ka makam Ceu Éha. Lumayan jauh jarak ti imah ka makam téh da Amanat Ceu Éha sawaktu masih hirup, mun maot hayang dikuburkeun di pajaratan kulawarga.

Kira jam satengah dua belas, nepi ka pajaratan Ceu Éha. Darma ngadunga, bari ceuring ngagukguk, Darma yakin budak katujuhna geus lahir. Bakat ku tarik mikir jeung awak capé, kurang saré, Darma ngagukguk ceurik di gigireun makam Ceu Éha. Si bungsu milu ngadingdiut ceurik bari nangkeup ka Darma. Ngan untung teu lila aya jalma nu rék jumaahan ngaliwat ka dinya. Darma diupahan terus dibawa ka hiji imah.

Enya gé éta makam kulawarga tapi da jauh ti lembur Ceu Éha.

Sataun ti harita, Darma boga deui pamajikan ka Ceu Nanih. Alhamdulillah Ceu Nanih nyaaheun pisan ka budak Darma nu genep.

Ti Ceu Nanih, Darma boga budak tujuh, alhasil Ceu Nanih ngurus budak tilu belas, tapi sok sanajan kangaranan anak téré, tapi Ceu Nanih teu ngabéda-béda kanyaah. Nya kitu Darma, dina Ngatik ngadidik nu jadi anak disaruakeun. Tug, nepi ka katilu belas anakna bisa jaradi jalma nu cukup dina kahirupanana.

Tilu puluh opat taun Darma jeung Ceu Nanih rumah tangga.

Hiji waktu, Darma gering parna. Di bawa ka rumasakit geus tilu kali, teu cageur. Ahirna dirawat di imah budak panggedéna ti Ceu Éha.

Hiji peuting, Darma nyeluk katilubelas budakna. Saréréa kumpul di imah budak nu panggedéna.

“Ujang, Nyai, putra-putra Bapa. Jigana Umur Bapa geus moal lila deui. Bapa amanat ka hidep sakabéh, lamun Bapa maot, Bapa hayang dikuburkeun di sagigireun pajaratan Ema hidep, Ma Éha. Bapa hayang papanggih jeung anak Bapa nu katujuh, nu medal di alam kubur.

Omat hidep sakabéh, kudu silih jaga, silih pikanyaah, silih pikaasih, silih riksa, tinu panggedéna nepi ka nu pangleutikna. Mun hidep nyaah ka Bapa, hidep kudu hirup rukun. Ulah asa ditinggalkeun ku Bapa. Najan raga Bapa geus teu aya di alam dunya, tapi Bapa tetep aya keur hidep sakabéh.”

Darma, mulang ka alam kalanggengan dirungkupan ku katilubelas anak-anakna. Sanggeus maraca Yasin tilu balikan séwang.

Kang Dudy.

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan