Wawangsalan mangrupa salahsahiji tina réana kamotékaran Sastra Sunda, salian ti Cacandran, Wawacan, Guguritan, Sisindiran jeung nu séjénna.
Wawangsalan kaasup kana Wanda sisindiran nu kabagi kana sababaraha bagéan, kayaning Paparikan, Rarakitan, jeung wawangsalan.
Dina pananggeranana Wawangsalan aya ugeran nu kudu nyoko tur tukuh kana patokan guru wilangan jeung guru laguna.
Wawangsalan diwangun ku dua padalisan (kalimah).
Jeung saban padalisan diwangun ku 8 pada/engang (séké kecap-suku kata).
Conto :
Beu+lut si+sit sa+ba da+rat. = 8 enang
Ka+pi+ra+ray si+ang we+ngi. = 8 engang
Pieusieunan wangsal “Oray” tina kecap “ra-ray.
Padalisan ka-1 minangka cangkang nu ngajalanan pieusieun wawangsalan.
Padalisan ka-2 pikeun eusi wangsalna nu nuduhkeun atawa nétélakeun pieusieun wangsal nu disamunikeun dina salahsahiji pada dina kecapna.
Dina padalisan ka-2 nu nuduhkeun pieusieun wangsal satemenna kudu diwangun atawa ngagambarkeun kalimah nu eusina ngandung piwuruk (papatah-panyaram-panitah), silihaasih (sono, bogoh, tresna), sésébréd (heureuy).
Ilaharna dina ngeusikeun atawa nuduhkeun eusi wangsal dina padalisan ka-2 sok ngasupkeun engang wekasan atawa engang panungtung dina salahsahiji kecap tengah kalimah. Arang langka mun engang eusi wangsal dicokot tina engang purwa pieusieun wangsalna.
Wawangsalan kiwari geus loba diropéa samalah geus jadi bahan tatarucingan nu bisa nyambung ngahasilkeun runtuyan wawangsalan nu nungturun tur gumantung kamotékaran Si Pawangsal dumasar kana kandaga basa nu dicangkem ku Si Pawangsal.
Conto wawangsalan piwuruk :
1. Bubuk batu ampar jalan.
Hirup ulah loba aral.
Pieusieunana “koral” tina kecap “A+ral)
2. Sarupa méh sadedegan.
Masing sabar nampi takdir.
Pieusieunana ” kembar” tina kecap “sa+bar”.
Conto wawangsalan silihasih:
1. Teu beunang disupa dulang.
Teu beunang dibébénjokeun.
Pieusieunana kéjo tina kecap di+bé+bén+jo+keun
2. Teu beunang ditiwu leuweung.
Teu beunang dipikasono
Pieusieunana (kaso) tina kecap “ka+so”
3. Teu beunang dihurang sawah.
Teu beunang dipikameumeut.
Pieusieunana “simeut” tina kecap ” di+pi+ka+meu+meut”
3. Conto wawangsalan sésébréd :
1. Waditra asal ti Sunda.
Dipuji irungna ngapung.
Pieusieunana “celempung” tina kecap “nga-pung”.
2. Hayang alus hadé laur.
Ginding baju meunang nginjeum.
Pieusieunana “Karinding” tina kecap “ginding”.
Kiwari wawangsalan di luhur tadi bisa dimekarkeun jadi wawangsalan nu ngaruntuy ku jalan ngamekarkeun eusi wangsal kahiji kana kalimah wangsal kadua.
Conto :
1. Waditra asal ti Sunda.
Dipuji irungna ngapung.
Eusina “celempung”
2. Bahan maneuh keur celempung.
Jadi jalma ulah sombong.
Eusina “gombong”.
3. Lian Gombong awi leutik.
Sing remen néang taheunan.
Eusina “temen”
Jeung saterusna.
Cag.
#Nakolan_Ransel