Wawanohan jeung Sandrina Evara Dilla Palajar SMPN 1 Purwakarta anu geus Ngumpulkeun 90 Piala Pangajén

Purwakarta, Kiwari.co.id – Dina mangsa ieu kareueus ati keur dialaman ku SMPN I Purwakarta, Kabupatén Purwakarta. Pasalna, ngaran ieu sakola kawilang sohor dina kancah nasional mah. Ieu téh alatan salah saurag palajar di sakola favorit ieu, geus bisa nyeungitan ngaran satuan pangdidikan katut wilayah anu kawéntar ku kuliner Sate Maranggina ieu.

Saha atuh palajar anu mampuh mawa seungit ngaran sakola ieu téh? Tayalian nyaéta Sandrina Evara Dilla. Terus, prestasi naon baé anu ku Sandrina guratkeun nepika ngaran sakolana milu seungit dina kancah nasional?

Tétéla, palajar geulis ieu mangrupakeun pinunjul 1 tina Pasanggiri Tari Kreasi Tunggal tingkat nasional, anu disalenggarakeun di Cibubur, dina 14 September kamari. Sandrina ngéléhkeun 29 pamilon séjénna dina éta ajang pasanggiri.

Sandrina direujeungan kapala sakola jeung guru pasca meunang pangajén pasanggiri ngibing (Dok SMPN I Purwakarta)

Geuning teu saukur éta, anu jadi matak hookeun téh, nyaéta prestasi Sandrina kacida luar biasa dina widang seni tari. Tétéla rumaja kalahiran 1 Juni 2011 ieu téh, geus bisa ngumpukeun 90 piala pangajén tina rupa-rupa ajang palombaan.

Sandrina ngaku, dirina ti leutik kénéh mémang resep nari. Utamana, ibing jaipong. Dina mangsa kelas 2 SD, Sandrina asup ka sanggar tari. Ti harita, prestasina cukup nyongcolang.

“Alhamdulillah, sampai saat ini sudah 90 piala yang terkumpul. Mayoritas, ikut lomba menari tunggal,” pona rumaja asal Kacamatan Jatiluhur éta mangsa paguneman jeung media.

Sandrina téh lahir ti pasangan, Yati jeung Daseng, ayeuna diuk di kelas 8C SMPN 1 Purwakarta. Ku hibar prestasina ieu, Sandrina bisa sakola di satuan pendididikan favorit di Kabupatén Purwakarta.

Teu kitu baé, Sandrina sukses mawa hadé ngaran sakola dina ajang nasional. Kalawan bakatna éta, Sandrina konsisten mibanda cita-cita hayang jadi panari nu profesional.

“Saya ingin berkeliling dunia melalui seni tari. Bahkan, harapan yang paling diinginkan saat ini yaitu mengikuti ajang perlombaan pencarian bakat tingkat nasional. Namun, belum ada kesempatannya,” ucapna.

Ku kituna, Sandrina pohara misukurna alatan dirina remen boga kasempetan miluan lomba-lomba. Mimiti tina tingkat handap, Kabupatén, provinsi nepika nasional.

Dina kasempetan éta kénéh Kapala SMPN 1 Purwakarta, H Patoni Mpd MM, nyaturkeun, pihakna kacida reueusna ku ayana siswa anu mibanda prestasi kawas Sandrina Evara Dilla ieu. Lantaran salian ngaguratkeun prestasi pikeun pribadina, ngaran sakola ogé milu kabawa seungitna.

“Terima kasih kepada anak-anak yang memiliki segudang prestasi, mereka mampu mengembangkan minat dan bakatnya. Tak hanya itu, anak-anak ini juga mampu membawa nama baik orang tua, sekolah dan nama wilayah,” ceuk Patoni.

Pon kitu deui, Patoni nambahkeun, SMPN 1 Purwakarta geus mokuskeun pangajaran dina minat jeung bakat siswa. Salah sahijina, ngaliwatan kagiatan ekstrakurikuler. Husus nari, aya ekstrakurikulerna saban saminggu sakali.

Sahingga barudak kawas Sandrina, bisa terus ngasah bakatna boh ngaliwatan sanggar pon kitu deui sakola. Salian Sandrina, ceuk Patoni, masih aya puluhan palajar séjénna anu potensial mibanda bakat di widang seni tari.

“Tetapi, Sandrina ini luar biasa, karena sampai saat ini Sandrina mampu mengkoleksi 90 piala penghargaan dari berbagai macam ajang perlombaan,” jéntréna.

Ropéa basa: Agus Rohmat

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan