Welasan Imah di Cianjur Ruksak Akibat Lini Magnitudo 3,5 Ahad 11 Juni 2023

Cianjur-Kiwari.co.id, Welasan imah di Cianjur ruksak akibat lini magnitudo 3,5
Imah warga di Désa Sarampad, Kacamatan Cugenang, Kabupatén Cianjur, Jawa Barat, ruksak leutik akibat lini 3.5 magnitudo anu puseurna dii Kacamatan Cugenang, Ahad (11/6/2023

Dicutat ti ANTARA, Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) Kabupatén Cianjur, Jawa Barat, nyatet welasan imah di sajumlah désa di kabupatén Cianjur ngarandapan ruksak leutik balukar lini magnitudo 3,5 dina Ahad (11/6).

Sekretaris BPBD Cianjur Rudi Wibowo di Cianjur, Ahad, nyaritakeun data samentara anu dilaporkeun pamancén, imah ruksak balukar lini aya di Désa Sarampad, Cibulakan jeung Benjod, Kacamatan Cugenang katut Désa Nagrak, Kacamatan Cianjur. Sabagian gedé ruksak leutik, jumlahna lewih ti 15 unit imah.

“Sabagéan gedé imah anu anyar diwangun ngarandapan ruksak leutik miniti tina rengat lemes jeung kasar sarta kaca imah pareupeus tacan aya laporan imah ruksak sedeng katit parna. Lolobana nu boga imah caricing di luareun imah pikeun nyingkahan gempa mindo,” pokna.

Ngakuna Rudi geus nyebar puluhan patugas dibantu Relawan Tangguh Bencana (Retana) di saban-saban désa di Kacamatan Cugenang, Pacet, Cianjur, katut Kacamatan Warungkondang, pikeun ngayakeun cacahan sarta ngawawadian warga sangkan teu geumpeur sarta tetep sayaga ku cara kaluar ti imah mangsa lini kajadian deui.

Informasi BMKG, caturna Rudi, lini anu museurna di Sesar Cugenang cindekna di Désa Sarampad, saméméhna kajadian dina tabuhl 9.00 WIB kalawan kakuatan 1,7 magnitudo, ngan teu pati dirasakeun ku warga utamana di puseur lini, sarta kajadian deui dina tabuh 11.15 WIB anu dirasakeun warga di sakuliah wewengkon kalér katut dayeuh Cianjur.

“Dua kali kajadian lini dina ahad isuk-isuk jeung ngagayuh ka beurang, dikira-kira kajadian lini ieu anu teu ngaruksak, alatan pagingsiran di Sesar Cugenang. Tapi, pandataan masih di lakukeun pikeun negeskeun balukar lini anu kakara karasa meujeuhna tarik ieu, sanggeusna lini 5,6 magnitudo November 2022,” pokna.

Sawatara warga di sajumlah desa di Kecamatan Cugenang jeung Cianjur, milih ngasegkeun tenda di buruan hareupeun imah pikeun nyingkahan (antisipasi) lini susulan. Maranéhna ngakuna masih baluwas ( trauma) kénéh ku lini gedé tujuh bulan kalarung ngaruksak puluhan réwu imah di 16 kecamatan di Cianjur.

“Pikeun antisipasi dina mangsa peuting, alatan sieun aya lini susulan deui, kami ngadegkeun deui tenda di hareupeun imah pikeun saheula anan” ceuk warga Désa Sarampad, Kacamatan Cugenang.

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan